| Message | assalamu'alakum. pa nepangkeun sim kuring hendi antopani.pituin urang sumedang kec. Rancakalong. sim kuring ngaraos reueun aya urang Sumedang sapertos bapa!pa, sim kuring LULUSAN SMA taun 2009. namung teu neraskeun kuliah. jalaran waragad kulawarga jauh ti nyekapan kanggo kuliah. cita cita mah hoyong janten Guru. nu ngadorong hal eta taya sanes ku ayana seueur disabudeureun sin kuring nu masih heureut kana minat sakola. kanggo taun ayeuna mah sim kuring ngadambel heula di Bdg. namung ladang ngereketkeun teh masih jauh kanu piwaragadeun kuliah. knarrgi kitu, sim kuring nyungkeun bongbolonganna ti bp... hatur nuhun! wassalam. |